ulah ngahihieum
Leungeun kuring geus teu daya
Pikeun nyapukeun kalakay
Nu unggal poe muragan
Jadi tumpukan baluas rasa
Handeuleum
Iuh mah iuh
Ngan bae hate jadi sumpeg
Ramo kuring geus teu wasa
Pikeun nyeborkeun cai kahirupan
Batan kuring keueung
Leuwih hade ninggalkeun
Muga bae anjeun bisa hurip
Ku panyebor deungeun
Tidak ada komentar:
Posting Komentar